Kamis, 31 Januari 2019

BUBUKA

Simkuring neda pitulung sareng kabarokahan ka Dzat Anu Wajib Ayana anu Jenengana Alloh, Nu Maha Murah tur Maha Asih.

Sadayana puji kagungan Alloh anu parantos ngamulyakeun BaniAdam, khususna para Ulama, para Zahid, para Hakim, para Karim; sareng parantos munjulkeun Alloh khususna pisan ka para Arifin, nyaeta anu parantos ma'rifat ka Dzat Alloh, ka sifat-sifatNa, ka AsmaNa, sareng Alloh parantos marinan RASA ka aranjeuna kana lezatna mahabbah, sareng Alloh parantos NINGALIKEUN ka aranjeuna kana Hakekatna sakabeh perkara nu aya di Bumi sareng di Langit.

Rohmat sareng Salam mugi tetep ka Jungjunan urang sadaya Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. anu jadi pamungkas sadaya para Nabi, anu di jadikeun tina Nur Dzat Alloh, sareng ti mantenna dijadikeunana sakabeh perkara.

Kitu deui ka sadaya kulawargina sareng ka para sahabatna anu jadi pamingpin sadaya para wali Alloh sareng ka sadaya para tabi'in , tabi'it-tabi'in dugi ka poe Kiamat.

Dupi anu dipimaksad dina ieu Blog, sim kuring seja silaturahmi sareng para Ikhwan.

Sateuacana sim kuring bade neda dihapunten tina samudaya kalepatan tina perkawis susunan basana atanapi merenahkeun kalimat dina ie blog; rumasa sim kuring sanes ahli basa.
Kukituna sim kuring nampi pisan tina sadaya kritikan anu sifatna ngabangun; khususna ka para 'Ulama, mugi kersa ngalereskeunana. bilih aya kalepatan saba'da di tafakuran, bari disarengan ku bashiroh.

Haturnuhun, mugia Blog ieu mangfaat.